Selasa, 25 Oktober 2011

Sunda Corner

Dinten ayeuna meni seueur pisan anu matak piemosieun abdi, haduh,,mangkaning abdi teh nuju saum dinten ieu, insya Alloh bade diteraskeun dugi ka dinten kemis, ku sabab nuju mayaran qodho puasa.
Jadi, daripada  abdi judas judes teu puguh ka sarerea, nya langkung sae pan abdi teh nyerat wae kitunya dina blog, ngahaja ieu oge ngepost nganggo basa sunda, sangkan abdi henteu hoyong umak amuk deui daan ge fokus kana undak usuk basa anu ku abdi dianggo dina tulisan ieu.
Saleresna mah abdi tah teu ahli - ahli teuing nganggo basa sunda teh, kumargi ayeuna tos lami di jakarta, hahahah,,bohonglah heureuy eta mah, nya saleresna mah abdi oge biasa nganggo basa sunda oge, nanging ari sadidinten mah nya nganggona teh anu kasar geuning, henteu puguh undak usuk basa na, matak era wae pami nyarios basa sunda teh, sanes ku teu bangga, tapi era tur sieun bilih salah, bilih kasar. Pan pami kitu mah ngawiwiran urang sunda nya?!matak oge jadina jarang nganggo basa sunda ayeuna mah, salain ayeuna mah pan didamel di jakarta, ayeuna mah da basa sunda teh tos langka pisan dianggo ku papada urang sunda. Dina ayana oge pasti nganggona basa sunda anu kasar, anu tos henteu saluyu sareng undak usuk basana. Hariwang saleresna mah tina fenomena ieu teh, nanging da kumaha deui atuh?jadi wae ayeuna mah kawajiban ngajaga atawa ngalestarikeun basa sareng kabudayaan teh janten kawajiban masing - masing individu. Haduh, Alhamdulillah ieu amarah abdi tos turun, tos teu hoyong deui umak amuk atanapi judas judes teu puguh, asa nyaah da kana pahala puasana lamun sapopoe kikituan bae teh nya. Nah kieulah cara abdi ngaleungitkeun amarah tina manah, ngarah teu kaluar.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar